Kumpulan Pantun Sunda



Riantocha tentang - pantun sunda, pantun sunda jorok, pantun bahasa sunda, pantun sunda lucu, bisi bogoh arti indonesianya, pantun sunda bodor, contoh pantun sunda, contoh bobodoran bahasa sunda, Pantun urang sunda, pantunsundalucu, pantun lucu bahasa sunda, Pantun bhs sunda, pantun berbahasa sunda, pantun banyak tugas, pantun bahasa sunda lucu, contoh pantun bahasa sunda, kumpulan bodor indonesia, kumpulan pantun bahasa sunda, kumpulan pantun basa sunda, kumpulan pantun daerah, Kumpulan Pantun sunda, Kumpulan pantun sunda Lucu, manuk ciung buah pisitan, pantun bahasa sunda dan artinya, puisi kabogoh jauh bahasa sunda


Kumpulan pantun dalam bahasa sunda yang lucu, jorok dan bodor, ada juga lho yang berhubungan dengan cinta. Semuanya dikumpulkan dari berbagai sumber yang sudah sering membuat pantun semacam ini. Jadi bagi anda orang dari jawa barat atau suku sundah pastinya akan puas melihat semua ini. Bagi yang sedang kasmaran, semua puisi dalam bahasa daerah mungkin bisan menjelmakan dirimu menjadi seorang kabayan sejati.

Atau jangan-jangan dan seringnya seperti itu, kamu sebenarnya sedang mengerjakan tugas sekolah. Dan membutuhkan banyak sekali contoh pantun yang menggunakan bahasa sunda. Nggak masalah kok, kamu bisa pakai semua pantung dibawah ini untuk mengerjakan tugas sekolah atau PR (pekerjaan rumah). Cuman saran dari riantocha jangan hanya sekedar copy paste, sebaiknya jadikan referensi untuk membuat pantun original karyamu sendiri, sekalian melestarikan budaya leluhur sendiri bukan? Bukankah itu hal bagus mengerjakan PR sambil melakukan hal baik dalam mempertahankan jati diri bangsa yang seperti kita tahu saat ini, sudah mulai luntur karena pengaruh budaya barat.
Sekarang kalau sudah ngerti manfaatnya? Berikut ini kumpulan pantun yang lucu, jorok dan bodor. Tentunya semua tidak memakai bahasa indonesia melainkan menggunakan bahasa sunda sebagai salah satu bahasa daerah.

ka Bandung kuring ka bandung
sukajadi keur marema
kaduhung kuring kaduhung
heunte jadi ka manehna
kamari ulin ka samarinda
trus nyimpang ka bima
kuring mah da urang sunda
nyebat ka indung teh emak
diluhur aya bandera
bandera gambar panda
naha kuring kudu era
pan ieu teh basa sunda

Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun
Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana
diputer-puter paseukna
ari pek beunang talina
diincer-incer lanceukna
ari pek meunang adina
itu gunung ieu gunung
gunungna gunung arjuna
itu pundung ieu pundung
pundungna bet duanana
aya oplet maju ngidul
kuring wawuh ka supirna
diajar teh ulah ngedul
bisi kaduhung ahirna
Majar maneh nganyam samak
neukteukkan bari motongan
majar maneh neang anak
ngadekeutan popotongan
kuma suling kuma suling
suling teh ngan silung wae
Kuma kuring kuma kuring
kuring teh ngan bingung wae
Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh
Poe salasa tumpak kuda
kuda paninggalan walanda
urang mah urang sunda
atuh pake basa sunda
kangkung diasakan ku randa
ngeunah pisan rasana
angklung teh asli ti sunda
kuring nu bogana
aya pawang buhaya
pawangna ulin ka persia
kudu nyaah kana budaya
bisi dicolong ku malaysia
hayang ulin ka gunung gede
di gunung aya buhaya
urang sunda sing harade
sing nyaah kana budaya
ulin ka jalan juanda
sawaktos bulan puasa
mun ngaku urang sunda
tong poho kana basa
Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang
Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok
Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
cai …. ninggang ….
laun-laun jadi orok
Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan
Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol
aya jalma teu boga alis
sabab getol dikerokna
neng geulis tong gumeulis
sabab rujit nenjona
baju teh apan disewakeun
disewakeun ku indung sia
basa sunda sok atuh gunakeun
saeuncan diaku ku malaysia
aya huma dekeut situ
eta huma nu bogana randa
naha urang sunda teh kitu
alim nyarios ku basa sunda
Tah ari anu ieu dihandap mah
Sanes jieunan sim kuring, tapi pantun teh sasuai anu dicaritakeun ku pun nini.
majar maneh rek ka huma
ka cai ngajingjing kendi
majar maneh rek karunya
lila-lila nganyeyeri

kamana ngaitkeun kincir
sakieu panas poena
kamana ngaitkeun pikir
sakieu panas hatena
cau ambon dikorangan
korangna ka pipir-pipir
manehna ambon sorangan
urangna teu mikir-mikir
samping hideung dina bilik
kumaha nuhurkeunnana
abdi nineung ka nu balik
kumaha nuturkeunnana
Aya hiji balon rek bitu
sabab kagencet ku buhaya
naha urang sunda teh kitu
mopohokeun kana budaya
Aya jalma teu boga banda
sadayana tos dipasihkeun
angklung teh ti tatar sunda
naha urang bet mopohokeun
ulin ka laut banda
naha jadi nalangsa
kuring teh urang sunda
kuring nyaah kana basa
di kebon sato aya panda
panda ngahakan kangkung
budayakeun budaya sunda
bilih lapur kawas angklung
paingan cacing barijil
halodo katinggang hujan
paingan teu genah cicing
kabogoh aya nu neang
baju hejo dibulao
kembangna katuncar maur
seubeuh nenjo ti bareto
geus gede dikawin batur
Majar maneh cengkeh koneng
kulit peuteuy dina waru
Majar maneh lengkeh koneng
kulit beuteung meuni nambru

Pantun Cinta
Kalau yang diatas adalah berhubungan sesuatu yang lucu nah sekarang bagi yang kasmaran lihat aja dibawah ini :
aya tempe nuju dibaceum
ngadamel tempe nepi ka lieur
abdi aya hate ka anjeun
naha anjeun ngabalieur
payun bumi meuni barala
bumi kosong taya nu gaduh na
mikacinta ti baheula
mugi leres aya jodo na
cau dijero bungkusan
cangkang cau meuni rujit
baheula mah nyaah pisan
ngan ayeuna malik ijid
aya jalma gampang pundung
sikep pundung kudu dipiceun
kaduhung matak kaduhung
kapungkur bogoh ka anjeun

Sama seperti pantun betawi, semua pantun sunda diatas diambil dari berbagai sumber.
Sekarang bagi bro dan sis disini yang mempunyai pantun yang lucu, jorok dan bodor silahkan kirimkan disini. Terserah mau itu tentang cinta atau apalah yang pasti bahasanya harus pakai sunda. Mengapa? ya lihat aja judulnya masak mau pakai bahasa minang kan ya nggak nyambung gitu loh!!


Description : Kumpulan Pantun Sunda
Rating : 9 of 10
Reviewer : Unknown
ItemReviewed : Kumpulan Pantun Sunda

1 komentar:

Kye COMPASS said...

alus euy pantun na :D

Post a Comment